materi ini disampaikan pada hari jum'at setelah salat jum'at pukul 13:00-14:00 WIB di Mesjid/Madrasah Assalam

وَاِذَا قِيْلَ لَهُمُ اتَّبِعُوا مَا اَنْزَلَ اللهُ قَالُوا بَلْ نَتَّبِعُ مَا اَلْفَيْنَاعَلَيْهِ آبَاءُنَا اَوَلَوْكَانَ آبَاؤُهُمْ لَايَعْقِلُونَ شَيْـأً وَلَايَهْتَدُونَ 170

وَمَثَلُ الَّذِينَ كَفَرُوا كَمَثَلِ الَّذِى يَنْعِقُ بِمَا لَايَسْمَعُ اِلَّا دُعَاءً وَنِدَاءً صُمٌّ بُكْمٌ عُمْيٌ فَهُمْ لَايَعْقِلُونَ 171


170. Jeung upama dicaritakeun ka maranehna: "maraneh kudu nurut kana saniskara anu diturunkeun ku allah (alqur'an)" jawabna teh. "kaula sarerea mah ngan rek nurut kana saniskara anu geus kasampak ku kaula sererea ti karuhun-karuhun kaula sarerea." Naha maranehna rek narurut bae sanajan karuhuhnna barodo turta teu bisa naon-naon jeung teu meunang pituduh?

171. jeung misil jalma-jalma kapir tehh (dina narima pangajak ti Rasulullah s.a.w.) lir ibarat (sato) anu dicalukan ku basa nu teu kadengeeun (teu kahartieun) kajaba ti lamun ku panyeluk jeung panggero anu biasa. maranehna torek, pego jeung lolong. ku sabab eta maranehna teu ngalartieun.


penjelasan:

alqur'an diturunken lain ngan saukur jang dibacaken di pasamoan kayaning dina walimah, rajaba jeung sajabana; atawa ngan ukur dibcakeun dinu sakarat jeung nu geuring. tapi alqur'an diturunkeun supaya jadi padoman hirup manusa malah mandar bagja dunya rauh akherat.

tah dina ayat diluhur (ayat 170) allah neteleaken sifat jalma kafir nyaeta anu ngan saukur tuturut munding ka karuhun teu malire yen eta karuhun teh bodo atawa teu boga pangarti. digambarkeun lir ibarat sato nu digeroan ti kajauhan nu teu ngarti kana esi penggero nu ngageroanana.

sifa sepertos kitu teh mungkin wae aya diurang, contohna dina salat taraweh urang pada umumna boga anggapan yen taraweh nu alus teh nu gancang siga nu diudag-udag anjing, pedah karuhun urang ngalakukenna siga kitu gancang. padahal nu saleresnamah sanes kitu salat nu sajalan sareng piwuruk rasulullah mah.

jalama kafir nu ngan ukur tuturut munding ka karuhun digambarken siga sato teh sabab maranehna